Senin, 10 Maret 2008

culture heritage

Sangatlah berdosa kepada Ki Sunda jika yang mengaku jati dirinya Sunda, tapi malah mengingkari dan menistakan agama karuhun-nya sendiri, agama Sunda; seraya mengagungkan keyakinan budaya, keyakinan beragama, dan karuhun “bangsa asing” yang bukan miliknya Ki Sunda.

Sungguh terpuji jika masih ada Rawayan Sunda yang dengan tegar dan tegas mau mendeklarasikan dan mewajibkan lagi agama Sunda menjadi anutan seluruh wangsa Sunda yang merasa dirinya seuweuh siwi karuhun Sunda yang berjiwa Sunda.

Vitalitas budaya Sunda akan tumbuh subur jika orang Sundanya mau kembali kepada jati diri dan warisan budaya (culture heritage) karuhun-nya, sebagai tonggak merentang ke depan yang lebih gemilang.

Naha Enya Aya Agama Sunda?

Di handap ieu artikel ti Mangle-online
(http://www.mangle-online.com/view.php?id=040721232243&kategori=Berita&klasifikasi=Tamu),
medar ngeunaan AGAMA SUNDA. Kade ati2 dina ngahartikeunana, sabab nu
dimaksud AGAMA SUNDA dina artikel ieu hususon ka hiji kelompok nu
ngagem kapercayaan nu sacara resmi disebut AGAMA SUNDA, lain agama
urang Sunda dina harti agama nu asli kungsi diagem ku urang Sunda
jaman baheula..

Nempo dina komentar2na, sawareh warga milis sigana geus kungsi maca
ieu artikel, da geus rada heubeul ongkoh. Nyanggakeun!

sikandar
-----------------------------

Dr. Abdul Rozak, MA
Naha Enya Aya Agama Sunda?


Agama Sunda dipikawanoh minangka Agama Kuring, Agama Traju Trisna,
Agama Pancasila, Ilmu Sajati, Jawa Jawi Mulya, Agama Yakin Pancasila,
Aliran Kebatinan Perjalanan, atawa Permai (Persatuan Masyarakat
Marhaen Indonesia). Naha enya aya agama Sunda? Saha tokohna jeung
kumaha ajaranana?

Dekan Fakultas Ushuluddin IAIN Sunan Gunung Bandung, Dr. Abdul Rozak,
M.A, boga hasil panalungtikan nu hade patali jeung Agama Sunda. Ieu
panalungtikanana teh mangrupa disertasina basa ngarengsekeun S3-na di
IAIN Syarif Hidayatullah, Jakarta, Januari 2003. Judul disertasina:
"Teologi Aliran Kebatinan Perjalanan atau Teologi Agama Sunda".

Nurutkeun pangakuan Abdul Rozak, nu lahir di Losari, Brebes, Jawa
Tengah, 11 Juni 1952, nu jadi kasangtukang dirina nalungtik Agama
Sunda teh, salah sahijina, sabab salila ieu nu aliran kabatinan sok
dianggap aliran Kejawen. Nu nyebutkeun kitu teh, di antarana Prof.
Kamil Kartapradja.

Ku sabab sok diidentikkeun jeung Kejawen, atuh tangtuna aliran
kebatinan teh kuduna mah ayana ngan di lingkungan masarakat Jawa
wungkul, sabab inti-intina Kejawen mah pan ngalestarikeun budaya Jawa.
Nu jadi kapanasan teh, ceuk Abdul Rozak, tapi naha di Sunda oge aya
aliran kabatinan?
Tina kasang tukang samodel kitu pisan, nya Abdul Rozak, ngangkat
kahemengna jadi disertasi. "Basa diteliti, breh we katembong, geuning
bener aya aliran kabatinan asli Sunda. Malah tokoh-tokohna oge kabeh
Sunda," ceuk Dr. Abdul Rozak, M.A basa ngobrol jeung Mangle di Rohang
Dekan Fakultas Ushuluddin, Kemis, kamari ieu.
Ieu panalungtikan teh, nurutkeun Abdul Rozak, sakaligus ngagugurkeun
tesis Pa Kamil Kartapradja nu boga anggapan yen aliran kebatinan teh
Kejawen. "Aliran kabatinan mah, nya aliran kabatinan we, hiji
organisasi sosial nu aya niley-niley spiritualna, nu dikembangkeun ku
masarakat. Landasanana kultural, dina hartina leuwih ngembangkeun
aspek budaya," tandesna.

Aliran Kabatinan
Agama Sunda mangrupa salah sahiji aliran kabatinan nu aya di
Indonesia, diadegkeun ping 17 September 1927, di Desa Cileuleuy,
Cimerta, Kabupaten Subang. Tokoh-tokohna teh aya tilu urang: Mei
Kartawinata, M. Rasyid, jeung Sumitra. Sabadana, eta tilu tokoh taya
di kieuna, kapamingpinan Agama Sunda diteruskeun ku Dewan Pimpinan
Musyawarah Pusat jeung Daerah (DMP/DMD) sacara kolektif.
"Di Jawa Barat, meh di saban kabupaten jeung kota nu ngaranna DMD teh
geus ngadeg. Ari kapamingpinan puseurna aya di Jakarta, dicepeng ku I
Rustama Kartawinata, putra Mei Kartawinata. Alamatna di Minangkabau
Dalam, Jakarta Selatan," ceuk Abdul Rozak ngajentrekeun.
Aliran kabatinan teh, pokna, teu saukur mekar jeung berkembang di Jawa
Tengah. Tapi oge, di wilayah Jawa Barat. Malah lamun nurutkeun data
PAKEM (Pengendali Aliran Kemasyarakatan) mah, di Jawa Barat teh 63
aliran. Nya di antarana nu disebut Agama Sunda.

Nu jadi kasang tukang lahirna Agama Sunda, ku sabab turunna sapuluh
wangsit nu ditarima sacara lisan ku tilu tokoh nu ngadegkeun Agama
Sunda. Sapuluh wangsit eta nu disebut Dasa Wasita tea.
Ajaran Dasa Wasita teh, ceuk Abdul Rozak, nyaeta: 1. Teu meunang
ngahina jeung dihina bari taya alesan nu jelas, 2. Ajaran silih
pikanyaah jeung akhlak nu mulya, 3. Teu meunang ngagunakeun potensi nu
aya dina diri manusa pikeun kapentingan hawa napsu, potensi kudu
digunakeun pikeun tutulung ka sasama manusa, 4. Ajaran sangkan gawe
soson-soson minangka darma, 5. Kabeh karunia datangna ti Gusti nu kudu
disyukuran.
Kadieunakeun, ceuk Abdul Rozak, ajaran Agama Sunda teh nambarkeun.
Nyaeta ngajarkeun nyembah ka Gusti Nu Maha Tunggal ngaliwatan heneng,
hening, eling, awas, waspada, jeung ajaran sejenna semedi dina tanggal
17 September. "Sabenerna, dua ajaran ahir ieui lain tina ajaran Dasa
Wasita. Tapi ceuk pingpinan pusatna, ieu dua ajaran teh memang asalna
tina wangsit oge," ceuk Abdul Rozak.

Dina konsep Ketuhan, Agama Sunda ngajarkeun yen Tuhan teh aya, tapi
aya-Na teh teu sarua jeung ayana sagala kaayaan dunya jeung alam
semesta. Agama Sunda oge ngajarkeun yen Gusti teh Maha Esa. Wujud
ke-Esaan-Na geus aya samemeh dunya jeung saisina aya. "Agama Sunda oge
ngajarkeun dina konsep teologina yen Tuhan teh Maha Kawasa, Maha
Mandiri, Maha Tunggal, Maha Uninga, Maha Mendengar, jeung sabangsana,"
ceuk Abdul Rozak.

Ku para panganutna, minangka Dzat YME Tuhan, remen disebut make aran
nu beda-beda. Diantarana Hyang Maha Agung, Hyang Maha Murba, Hyang
Sukma, Hyang Widi, Hyang Manon, Hyang Maha Adil, Hyang Maha Pemurah.
"Pikeun kagiatan ritual, panganut Agama Sunda henteu nangtukeun sarana
jeung lokasi. Ritualna bisa dilakukan di mana wae nu pantes, nu
dipentingkeunana teh kabersihan batin," pokna.
Acara ritualna, diwujudkeun dina bentuk Heneng, Hening, Awas, Eling,
jeung Waspada. Heneng hartina cicing bari ngalepaskeun diri tina
sagala pikiran jeung ingetan kana masalah kadunyaan sangkan bisa
ngarasakeun nikmatna anugerah ti Gusti Nu Maha Esa.

Ari Hening hartina ngabersihkeun batin saolah-olah jadi eunteung nu
bening. Awas hartina awas hate nurani, lain awasna bagian tina
pancaindera. Potensi awas baris bisa ngabedakeun mana urusan nu wajib
jeung mana urusan nu nu teu wajib dilakukeun, boh pikeun dirina boh
keur manusa sejenna. "Eling ngandung harti ngupayakeun hirup jeung
kahirupanana didadasaran ku cinta kasih. Manusa minangka Kaula Gusti
wajib kumawula ka Tuhan YME kalawan eling," ceuk Abdul Rozak
ngajentrekeun.
Atuh ari nu disebut Waspada, tandes Rozak, ngandung harti kaayaan dina
introspeksi salawasna. Tujuanana sangkan dirina meunang kaberuntungan.
Sabab, ceuk ajaran Agama Sunda mah, waspada teh kacida nangtukeunana
pikeun hiji jelema.

Wangsit Munggaran
Wangsit jadi sumber utama pikeun para panganut Agama Sunda. Wangsit
munggaran, ditarima tanggal 17 September 1927, jam 12.00 beurang. Eta
wangsit teh, cenah mah, ditarima ku tiluan, nyaeta Mei Kartaprawira,
M. Rasyid, jeung Sumitra. Eta wangsit teh mangrupa sora-sora nu jentre
kadengena. Tapi, eta wangsit oge, cenah mah, mangrupa tingkah polah
pihak sejen nu dilakukeun di hareupeun tilu urang tadi.
"Wangsit nu munggaran turun waktu tiluanana dumuk di Kampung Cimerta,
Subang, Jawa Barat. Turunna pas Poe Juma'ah Kliwon, 19 Rabiul Awal
1858 Taun Saka di sisi walungan Cileuleuy," Abdul Rozak ngadadarkeun
kalawan eces.

Minangka hiji ajaran, wangsit nu ditarima teh dikumpulkeun dina wujud
buku, jeung dijadikeun padoman ku para panganutna. Sacara umum, aya
dua buku nu dijadikeun buku utama. Buku kahji, judulna teh, "Budaya
Spiritual Aliran Kebatinan Perjalanan," buku nu kadua judulna teh,
"Pangeling-ngeling".
Buku "Pangeling-ngeling" dicetak dina format leutik, ukuran 10X16X1
cm. Jumlah kacana aya 23 kaca, ditulis ku Mei Kartawinata, salah
saurang nu ngadegkeun nu meunang wangsit, tur nu milu ngadeugkeun
Agama Sunda. "Ditulis taun 1951, eusina mangrupa nasehat-nasehat ti
Mei Kartawinata pikeun para anggota Agama Sunda," ceuk Abdul Rozak.
Eusi nasehat-nasehatna ditulis dina wangun dialoh dina basa Sunda
antara tokoh Nunggul jeung Nunggal. Nasehat sejenna ditulis dina
wangun nyanyian. Nyanyian kahiji judulna teh "Mamanis" dina wirahma
Dandang Gula. Nyanyian kadua "Ka Anu Anom" dina wirahma Sinom.
Nyanyian katilu "Kasamaran" dina wirahma Asmarandana. Nyanyian kaopat
"Mundur Maju", dina wirahma Durma. Eta di antarana mah.
Ari buku sejenna nyaeta "Budaya Spiritual Aliran Kebatinan
Perjalanan", dicetak dina ukura ukuran rada lebar tur rada kandel.
Ukuranana 14,5X20,5X1cm. Jumlah kacana 79 kaca. Buku ieu mangrupa
himpunan ajaran-ajaran Agama Sunda. "Ditulis ku I Rustama Kartawinata,
Ketua DMP Agama Sunda. Buku ditulis 6 Juli 1987 di Jakarta. Buku ieu
teh mangrupa buku padoman pokok warga Agama Sunda. Sabab eusina teh,
salian ti rupa-rupa aspek nu patali jeung esensi ajaran, juga mangrupa
jawaban-jawaban ka sababaraha urang nu ngayakeun panalitian," Abdul
Rozak nandeskeun.

Teu Asup Akal
Tina hasil panalungtikan, Dr. Abdul Rozak boga kacindekan yen wangsit
nu diyakini ku tilu tokoh tadi teh kaasup teu logis atawa teu
rasional. Boh ditilik tina jihat teologis boh tina kacapandang ilmiah.
"Aya sangkaan kuat, ayana wangsit teh mangrupa upaya ngawangun
legitimasi kapamingpinan maranehna," pokna teh.
Kasimpulan nu ditandeskeun ku ieu Sekretaris Ikatan Sarjana Nahdlatul
Ulama (ISNU) teh, tangtuna oge boga alesan nu kuat. "Dina masarakat nu
masih nkeneh sederhana, nu boga kaperyaan kuat kana carita-carita
pawayangan, tangtuna kacida percayana kana ayana wangsit nu turun ka
pamingpin. Pikeun masarakat samodel kieu mah, aya kayakinan, sing saha
nu geus meunang wangsit maka eta tokoh teh kudu jadi pamingpin pikeun
golonganana," pokna teh.

Leuwih jauh, Abdul Rojak nandeskeun, lamun dianalisis kalawan teleb
bisa diungkabkeun yen wangsit dasa wasita teh sabenerna ngan
nyaritakeun aspek pikukuh-pitutur sosio-kultural etnik Sunda.
"Kukituna bisa ditandeskeun yen sacara sosio kultural etnik Sunda teh
ngarah kana kabatinan. Ari ajaran teologina, sabenerna lain pikukuh
atawa pitutur sosio-kultural etnik Sunda sacara "genuin". Sabab sacara
faktual, ajaran teologi pikukuh-pitutur sosio-kultural etnik Sunda teh
cenderung animisme," pokna teh.
Agama Sunda, ceuk Abdul Rozak, memang ngajarkeun teologi, nu intina
yen Tuhan teh Maha Esa kalawan sababarapa sipat kacida miripna jeung
teologi Islam Sunni, oge ngajarkeun semedi, penyembahan ngaliwatan
roh-roh nenek moyang jeung sejenna nu animis. "Ku kituna, sim kuring
yakin yen teologi Agama Sunda mangrupa rekayasa," pokna mungkas
obrolan. [MANGLE 1974]